Hanjuang di Kutamaya
Pelak pamuk Sumedang larang Jaya Perkosa
Hanjuang Cikahuripan
Perlambangna, hiji jangji, satria anu bumela
Ngakar di lemah kacinta
Siangna geus ngambah jaman
Ucapan Jaya Perkosa, baheula
Dicatet ku urang Sunda, ayeuna
Mun hanjuang ieu perang, Cirina Emang kasorang
Mun hanjuang ieu hurip, Eta tanda unggul jurit
Miang nu pamuk perang, Ijen patutunggalan
Dirurug balad sarebu, Tangguh teu busik bulu
Mulang nu pamuk perang, Neang tangkal hanjuang
Ngajugjug ka Pancaniti, Naha bet geuning sepi
Hanjuang di Kutamaya
Tilas pamuk Sumedang larang Jaya Perkosa
Hanjuang Cikahuripan
Mawa beja, ti lalaki, Nu kongas kadigjayana
Pengkuh bari jeung satia
Ka nalendra ka nagara
Ucapan Jaya Perkosa, baheula
Dicatet ku urang Sunda, ayeuna
Kunaon raja teu pangkeur, Sakitu hanjuang seger
Kunaon raja bet cidra, Kalahka ninggal nagara
Hanjuang di Kutamaya
Wangsit pamuk Sumedang larang Jaya Perkosa
Hanjuang Cikahuripan
Boa pugur dina tangtungan
Bebeneran urang ayeuna
Tidak ada komentar:
Posting Komentar